Powered By Blogger

Minggu, 18 Maret 2012

Zaman edan bisi rek pipilueun edan pek..!! tapi kudu edan heula

Halodo sataun lantis ku hujan sapoé, niat rék hadé ogé katutupan ku kagoréngan nu dijieun-jieun. Keun baé, He… ieu mangrupa pépéling, lamun urang téh jalma lain malaikat ogé lain iblis. Kudu ngukur ka kujur wé ayeuna mah, pangajaran jeung atikan hirup anu sakuduna disanghareupan. Serah bongkokan lain hartina binasa, da kabéh ogé aya akibat nu kudu ditanggung. Apan kyai jeung jalma-jalma suci ogé jadi bersih téh alatan ayana masalah anu ngasah kana diri. Kahormatan leupas bari dikékéak ku kanyataan artifisial anu lolobana jalma teu apaleun kana sagara nu sabenerna mangrupa setrapan ti Maha Guru… Aya waktuna, urang nanjung… ogé aya mangsana urang nahan bendungan…
Teu kudu salempang ku poé isuk, sing yakin.. sanajan angkeub , hujan jeung angin, panon poé tetep bakal nyaangan Bumi… Jauh ti anggalna, Kanjeng Rasul geus sasauran dina ramalan-ramalan Profetikna, bakal lumangsung hiji zaman, anu bener dijauhan, anu salah diagung-agung. Anu pang dipika paurna, lamun kaberkahan geus dicabut ku anu Maha Kawasa. Ceuk urang Sunda meureun anu disebut berkah hirup teh, ” Saeutik Mahi, Loba Nyesa..”
Eric Fromm bisa jadi bener, dina Revolution of Hope ceuk manehna, jalma modern mah kudu nenjo ka hareup, tong loba teuing ngalieuk ka tukang. Ngan anu matak jadi heran, naha ku cara kitu bae terus urang bisa disebut modern, maju? Rhoma Irama pernah ngomong, modern can tangtu maju, da meureun anu ngaranna modern teh mangsa anu beda lamun dibandingkeunna jeung zaman anu geus ka tukang. Taun 1700 bisa disebut modern lamun dibandingkeun jeung zaman Firaun lelengohan. Zaman edan. Urang geuning anu ngarandapan hirup di zaman edan teh. Tapi teu kitu oge, ceuk kaum Bani Irael, nalika maranehna hirup di Mesir, dijajah ku Fir aun, bisa jadi ceuk maranehna harita anu disebut zaman edan teh. Ceuk urang China nalika perang candu, meureun harita anu disebut zaman edan teh. Hartina, edanna zaman aya ukuranna. Atuh ari kitu mah, edanna zaman teh aya klasifikasi jeung tingkatanna, aya anu edan biasa, edan sedeng, jeung edan-edan. Zaman ayeuna meureun keur meujeuhna edan-edanan teh.

Jalma anu keur hirup di zaman edan-edanan, sagala dicekel, dicokot, dirampa, dicapa, dicabak, dibabuk, jeung di di ejenna. Da puguh teu manggih cekelan anu pasti. Ilustrasina meureun kieu: DINA HIJI PEUTING, URANG KEUR NGUMPUL JEUNG KULAWARGA, AYA AKI, NINI, INDUNG, BAPA, MAMANG, BIBI, TATANGGA. KABEH LALAJO TIVI. TEU LILA PESS LISTRIK PAREUM. Kaayaan poek, lain kitu wungkul, kabeh sing gurubug rek ku polah atawa ku ucapan. Teu sidikna kabeh ngaledek ka PLN, ” PLN Koplokkkk…. apan aing teh mayar, naha make dipareuman. ” Kitu meureun. Dina facebook oge reang apan narulis status. Aya oge anu cacapa, sagala dicabak, komo anu jadi bapa mah meureun cacapa na teh kana Memem anu jadi Indung. Paneker di teangan. Tah dina kaayaan poek samodel kitu, pangabutuh kana lampu jeung cahaya teh kacida gedena. Padahal lamun urang jujur kana diri, anta caangna lampu jeung poekna teh  leuwih loba caangna apan.
Zaman edan-edanan oge kitu. Kasus-kasus jeung kajadian-kajadian anu lumangsung pada ngomongkeun, dibahas ku itu ku ieu, diteangan solusina, anu pikaseurieun, malah aya anu ngabahas masalah kamiskinan di hotel Bintang Lima. Jalma -jalma pipilueun edan, da puguh geus hirup di zaman edan-edanan, kumaha carana bisa nanjung bisa nanjeur jeung ngeusian beuteung, teu paduli halal jeung haram caplok. Rek nipu atawa ku jalan bener kumaha aing. Sok sanajan teu diomongkeun, tapi da puguh ari dina prak-prakanna mah, hirup urang teh kumaha aing.
Agama jeung embel-embelna ngan saukur hiasan. Teu saeutik agama dijadikeun alat keur ngudag kana tujuan. Partey politik dipulas ku agama, agama anu samistina ditempatkeun di tempat anu suci derr dipapaksa sangkan abus kana parlemen. Da lamun ngudag kana Romantisme mah, asa can pernah Rasul ciling cingcat ka Parlemen bari da’wah. Geus teu era ku diri anu puguh beuki ngadahar daging hayam tapi resep molototan kana hayam.
Sok titenan, anu ngaranna pemberantasan korupsi ngan saukur tulisan dina baligo-baligo, da geuning dina prak-prakanna mah urang kabeh geus jadi koruptor, aya anu kelas tri, aya anu kelas paus meureun. Hakim, anu sakuduna jadi si bijak, ayeuna mah geus jadi pembajak. Makelar kasus dimana-mana, pengacara teh lain ngan saukur menerkeun perkara, tapi mengkolkeun perkara bari kucap-kiceup menta jatah.
Sabenerna, da urang teh geus garede, geus karolot, ngan hanjakal can darewasa. Sakapeng sok noong kana kalakuan Anggota Parlemen, geuning euweuuh bedana jeung drama komedi Opera Van Java. Malah leuwih angot alabatan Mister Bean. Anu heran, naha atuh make daek marilih badut? Tah kitu apan urang mah, ongkoh dipoyok tapi dolebok, ongkoh kapok moal milih si eta deui, tapi dina mangsana PEMILU, teu kabagean kaos oge jamotrot leuwih ti tutut.
Kudu kumaha?
Har, apan urang mah geus hirup di zaman edan-edanan. Cicing disisi kaseblok ku caina, cicing ditengah geus pasti kalindes ku zaman, di tukang katinggaleun, di harep pada ngarempug. Nya kitu salah kieu salah antukna mah. Ngan karuhun urang mah bageur, geus mere bongbolongan, da nyaah meureun ka anak incuna ulah nepika kabobodo jeung kapateni ku zaman. ” Kudu bisa ngigelan zaman, miindung ka waktu mibapa ka zaman/mangsa”
Ngan lain hartina urang kudu pipilueun edan, da anu sok ngibing jeung jaipongan oge tara pipilueun nepak gendang atawa nyinden bari ngibing apan? Nu puguh mah, pilampah tugas sewang-sewangan, komo apan urang teh salaku kholifah. Kudu apal naon ari tugas kholifah teh.
Ngan, lamun rek pipilueun edan, mangga kuring moal bisa nyarek

dicutat ti urangtasik.net

Tidak ada komentar:

Posting Komentar