Powered By Blogger

Sabtu, 14 Februari 2015

Nitenan Hirup

Kudu ngukur ka kujur wé ayeuna mah,rengkak jeung paripolah ulah rek di antepkeun sa majuna, tapi kudu di pikir ditata jeung di titenan sangkan aya dina galur anu sampurna, pangajaran jeung atikan hirup anu sakuduna disanghareupan, ulah rek mabok ku dunya tepikeun ka teler poho kana diri nu ahirna kahirupan urang di eusian ku ambon sorangan teu mikiran sisi jeung gigir, asa bener ceuk sorangan, sagala di cagap, di cokot, dirampa, ditincak, di inum, tepikeun ka kesang batur ge di leueut atuh tangtu hirupna bakal mabok salawasna .
Dina nitenan sagara kahirupan anu panjang ieu, da urang teh geus badag, geus karolot, tapi kunaon atuh can darewasa, jawabana naha can darewasa nyaeta kusabab urang mabok, tapi ngarasa teu keur mabok, hehehe da enya na atuh erek disebut geus dewasa kumaha ari kalakuan parah leuwih ti budak satepak, budak satepak mah sabedegong-bedegongna oge moal rek ngagangu pamajikan batur...hahaha (tah geus mulai ngungkit-ngungkit pamajikan batur ) tapi sok titenan maksudna bedegongna kolot jeung bedegongna budak geus boga gambaran pan ?? Sakumaha jauhna jeung pibalukareunana jeung ngarugikeun baturna, bedegong na budak paling oge hese di titah mandi, hese dititah meuli udud ka warung mereun, tapi bedegongna kolot bisa sagala dirampok, sagala di dahar, sagala dikekesek geus teu nempo halal jeung haramna geus teu nempo pasal KUHP jeung pasal nu sejena (dewek teu pati apal perkara perpasalan), tapi sing inget sagala rengkak jeung paripolah urang teh teu saetik oge leupas tina pangawasan na nu Maha Awas, moal bisa ngejat saeser keong oge tina kanyaho nu Maha Nyaho, estu sagala ringkak jeung paripolah urang bakal aya babalitunganana boh balitungan di dunya atawa balitungan di aherat da kabéh ogé aya akibat nu kudu ditanggung.

Sok Mindeng ngadenge yen kahirupan dunya jeung kahirupan akherat teh kudi imbang cenah, padahal ceuk pikiran dewek mah mun di titenan deui ku itung itungan sederhana kieu, ayeuna hirup urang kumelendang di alam dunya dina banterna paling nepi ka umur 85 -90 tahun eta teh asupna panjang umur cenah, tapi kahirupan di alam akherat anu abadi anu eweuh tungtungan estu jadi pikiran jero lamun urang nyaimbangkeun kahirupan dunya jeung kahirupan akherat anu sakitu abadina, maenya erek di saimbangkeun, sabab kahirupan akherat anu sakitu panjangna teh di tangtukeun ku kahirupan dunya anu lamun di bandingkeun mah ukur sakiceuppeun di banding kahirupan alam akherat..

Ulah rek ngantep kahirupan ieu nepi kana batasna (ajal) tapi samasakali urang teu boga bekel nu di siapkeun keur yaumil ahir, waktu diganti waktu karasa gancang diluar akal jeung pikiran jelema, gancangna waktu kapopohokeun ku kasadaran roh, hate, diri nambahan kabingung akal keur mikiran naon anu kudu dilakukeun, teu karasa minggu ieu geus ngaganti minggu kamari, bulan ieu geus ngalindih bulan kamari jeung tahun ieu umur geus nambah, teu sadar umur urang terus nambah teupi ka dewasa, dewasa nepi ka aki-aki, sajalan jeung nambahna umur, pikiran jeung jasmani urang oge terus robah jeung geus sapantesna kaimanan jeung rohani urang oge milu robah, sabab hirup moal meunang kaberkahan lamun ukur akal (otak) nu dijadikeun andalan keur neleuman kahirupan ieu kusabab karunia Alloh teu ditujukeun ukur ngutamakeun kumaha hirup milu kana kahayang hawa nafsu.